Jumat, 18 Desember 2015



OBSERVASI
DONGENG ASAL MULA DESA CIWARU
Diajengkeun kangge ngalengkapan salah saiji tugas kelompok mata kuliah
“Bahasa Sastra Sunda”


stkip transparant.png


Disusun oleh:
Kurniasih (136223090)
Diah Yulia Pratiwi (136223038)
Giri Rivaldy (136223068)
Iwan Kurniawan (136223080)
PGSD 4-A


PENDIDIKAN GURU SEKOLAH DASAR
SEKOLAH TINGGI KEGURUAN DAN ILMU PENDIDIKAN MUHAMMADIYAH KUNINGAN
2015
Dongeng “Asal Mula Desa Ciwaru”

Dikawitan tina tahun 1857 aya hiji lembur leutik anu katelah kampung “balong parenca” anu tempatna di sisi cai cigolo, kira-kira 500 meter kuloneun bale desa ciwaru ayeuna. Didinya hirup dua kokolot nyaeta Buyut Entol Sena sareng Buyut Entol Dipawana. Anjeuna diarajenan pisan ku masarakat ku sabab anjeuna tiasa ngaramal mangsa nu bakal datang, anu hade jeung bener ku cara mindahkeun tempat padumukan di kampung balong  parenca ka tempat anu anyar nyaeta kampung Hulu Dayeuh, ku sabab kampung balong parenca kurang lega jeung kahalangan ku cai cigolo.
Dina hiji mangsa Buyut Entol Sena nuju ngawangkong sareng rahayat kampung balong parenca;
Buyut Entol Sena       :“he he he…hey rahayat sakabeh, geura dengekeun eyang rek nyarita. Lamun ku eyang disawang mangsa nu bakal datang, ieu kampung balong parenca teh kurang hade pikeun kahirupan maneh sakabeh. Tapi nu alus mah geura pindah ka kampung anu anyar nyaeta hulu dayeuh”. Saur buyut entol seba bari gumujeung.
Rahayat ngawaler       :“punten eyang, na kunaon atuh kudu ngalih ka hulu dayeuh teh?”
Buyut Entol Sena       :“Aeh aeh…ari maneh, hulu dayeuh teh alus pisan pikeun tempat padumukan, sok geura engke bakal karasa ku maraneh”

Hulu dayeuh nyaeta huluna desa ciwaru, hulu dayeuh memang pas pisan kanggo tempat padamukan. Taneuhna subur, caina oge herang ngagenclang, anu asalna ti Cikabuyutan. Aya deui kaistimewaan hulu dayeuh teh nyaeta tiap sisi cai, sisi lebak, jeung sisis sawah timbul tangkal waru anu subur.
Ningali kanyataan eta yen tangkal waru subur jeung loba manfaatna teh timbul niat kanggo dijadikeun name kampung, anu tadina kampung Hulu Dayeun jadi kampung Ciwaru.
Rahayat                  : “punten, naon atuh sababna dinamian kampung Ciwaru?”   
Buyu entol sena     : “ari ngaran ciwaru teh dicandak tina ngaran cai jeung ngaran tatangkalan    nyaeta tangkal waru”.
Rahayat                  : “ohh kitu, na nu kumaha ari tangkal waru teh?”
Buyu entol sena     : ”ari maneh rewel-rewel teuing, dengekeun ku maraneh, ci anu hartina cai sareng waru anu hartina tangkal waru anu loba manfaatna, diantarana:
1.      Waktu keur jadi, tangkal waru biasa ngalindungan kana sumber mata cai.
2.      Dahan waru bisa dianggo alat bahan rumah tangga.
3.      Kulit tangkal waru tiasa dianggo bahan tali atanapi tambang.
4.      Daun waru tiasa dianggo pupuk alam, malahan bisa dianggo mungkus dahareun : rujak atawa urab kacambah.”

Sedengkeun lambing ciwaru nyandak tina sipat sareng kasaktian Buyut Entol Sena sareng Buyut Entol Dipawana. Sabab, numutkeun carita ieu Buyut Entol Sena Nyaah pisan kana munding sirang atawa kebo bule sareng ngagaduhan Aji Munding Sirang. Upama Buyut Entol Dipawana mah gaduh ajian kidang kencana. Ti harita lambing Desa Ciwaru ditetepkeun nyaeta Munding Sirang. Masarakatna oge satuju pisan ku kaputusan eta teh. 

                                                                                             

    





LAMPIRAN

Tidak ada komentar:

Posting Komentar